Hey hey! Setelah 6 bulan tidak membuka blog lagi, akhirnya ane buka blog lagi :v Kali ini, ane ingin ngepost cerita pengalaman temen ane waktu sekolah di pesantren. Tapi maaf-maaf nih, make Bahasa Sunda. Buat tugas sekolah juga sih hehehe ....
MALAPETAKA
Abdi Yura. Abdi sakola di salah sahiji pasantrèn anu aya di Cirebon. Di dieu, para siswa tèh kudu tiasa bangun isuk (jam 3 isuk), hafal Al-Quran 30 Juz, jeung pokokna mah pekerjaan imah tèh dilakukeun ku sorangan. Di dieu oge kudu tiasa ngagunakeun basa Arab.
Abdi boga ‘gèng’ anu terkenal kana bangorna di pasantrèn. Anggotana aya abdi, Nona, Tita, April, jeung Didi. Arurang tèh sering pisan bolos mun aya ngaji jeung dzikir sateuacan Shalat Dzuhur. Arurang biasa bolos ka danau anu di tukang pasantrèn atawa pura-pura gering. Mun bulan puasa ogè kadang arurang tèh sok nga’godin’ di kantin. Ah da jujur, abdi sebenarna teu niat asup ka pasantrèn tapi da kumaha, kolot abdi tèh duanana ustaadz.
Aya hiji kajadian anu ngajieun abdi tobat. Waktos sateuacan Shalat Dzuhur tèh abdi jeung babaturan abdi ngiluan dzikir, tapi anu teu baleg gening. Abdi jeung babaturan tèh ngamaènkeun èta dzikir bari seuseurian.
“Hèh, maranèh! Dzikir tèh kudu khusyuk, mènta pertolongan jeung ampun ka Gusti Allah anu Maha Èsa , lainna diheureuyan siga kitu!” ceuk Kang Agus, guru ngaji di pasantrèn ieu.
“Lah, èmang kunaon kitu, kang? Da hirup-hirup arurang lain hirup akang!” ceuk Tita bari ambek.
“Tah, bener ceuk Tita! Lagipula, èmang ngan dzikir hungkul anu tiasa ngajieun dosa arurang dihapus ku Allah? Mana bukti Allah ngampunan jeung nolong arurang ayeuna?” taros Didi.
“Astaghfirullahal’adziim... Maranèh geus dibèrè nyaho masih kènèh ‘ngèyèl’. Geuslah kumaha maranèh, semoga dosa-dosa maranèh diampuni ku Gusti Allah.”ceuk Kang Agus.
Abdi jeung babaturan langsung balik ka kamar, teu ngilu Shalat Dzuhur berjamaah. Abdi jeung babaturan tèh sarè. Pas adzan Isya’ tèh abdi kebangun, ngan teu nyaho kunaon abdi malah sarè deui. Abdi teu Shalat Dzuhur nepi ka Isya’. Pas jam 2 isuk, abdi kebangun.Abdi inget mun abdi acan nyetrika baju.
“Ah, nyetrika ayeuna ah bisi keburu parada bangun. Ngkè ngantri deui” gumam abdi.
Abdi bergegas ka ruang nyetrika anu letakna di hareupeun kamar mandi. Ruanganna masih sepi, udara di ruangan ieu ogè tiris. Abdi ngambil tempat di barisan ka dua. Pas keur nyetrika, jol aya suara ti tukangeun abdi. Awalna suara èta pelan, tapi lama-lama suarana beuki keras. Nyaho kan suara mèja setrika anu dipakè pas nyetrika? Abdi hayang nèngok ka tukang ngan sieun. Udara di ruangan tèh beuki tiris. Abdi ngawanikeun diri nèngok ka tukang. Pas nèngok ............... Aya sosok awèwè, wajahna tèh pucet pisan, panonna bodas kabèh ngaluarkeun cahaya siga pocong Mumun, mulutna ngabuka lèbar nepi ka daguna nyentuh dadana. Awèwè èta keur nyetrika bari dzikir.
“Astaghfirullah.. Astaghfirullah.. Hiihihihi” dina selingan dzikir tèh aya suara seurina.
Kepala èta awèwè jol muter-muter 180o, beuki cepet nyetrikana beuki cepet kepalana muter-muter., jeung beuki keras èta awèwè dzikir. Abdi teu tiasa nanaon, badan abdi lemes jeung kabèhna jadi poèk.
“Yura..! Yura bangun ih..... Yura!” babaturan abdi berusaha nyadarkeun abdi.
“Hah....? Abdi di mana?” taros abdi.
“Manèh di kamar, Ra! Manèh naha tiasa pingsan di tempat nyetrika?” taros April.
“Ih, kumaha nya nyaritakeunana... Sieun mun dibayangin deui tèh” jawab abdi.
“Aya nu nemenin nya?” taros seseorang.
“Èh, Kang Agus. Muhun, kang.. Abdi sieun ku makhluk èta.. Abdi nyesel geus jadi budak bangor. Hampura kang mun abdi hèsè dibèrè nyaho” ceuk abdi bari salam ka Kang Agus.
“Enya, teu nanaon. Èta tèh mèh manèh sadar, manèh tobat mun agama tèh teu tiasa dipermaènkeun. Lagipula, loba alumni angkatan baheula ogè anu ketemu sareng makhluk èta.” ceuk Kang Agus.
“Muhun, kang....” ceuk abdi.
“Geus, ayeuna mah ambil wudhu keur Shalat Dhuha berjamaah. Sok anu lianna oge, tong siga kitu deui nya! Ngkè siga Yura tah ketemu sareng makhluk èta, moal tenang hirupna hahaha” ceuk Kang Agus.
“Ah, Kang Agus tong nyieunkeun abdi!” ceuk Nona.
“Cing wè giliran manèh, Non anu ketemu ngkè peuting hahaha” ceuk Didi.
“Geleuh ih, naudzubillah” ceuk Nona bari kaluar ti kamar.
Sejak kajadian èta, abdi jadi khusyuk dina nuntut èlmu, apalagi dina beribadah. Abdi geus kapok jeung teu hayang pisan ketemu sareng makhluk èta deui.
Tah, singkatnya gitu ceritanya:'v Maaf kalau ada kalimat yang kurang atau bahasanya mungkin tidak cocok. Mohon untuk sarannya, terima kasih :)
Comments
Post a Comment